Tuesday, October 13, 2020

Nadhoman sunda Bab Nifas

Ari ngaran nifas getih nu kaluar
Tina parji istri saba'dana babar
Tapi memeh ngaliwat limalas poe
Mun geus liwat mah lain nifas hed bae

Saperti mun ba'da babar saat getih
Kalimalas poèna bijilan getih
Keur saatna ibadah teu meunang tinggal
Kaya puasa jeung solat ulah tinggal


Sabab eta suci dina antarana
Ngajuru jeung hed istri taya nifasna
Ari pang saeutikna zaman nifas
Sok sanajan sakecret ge eta nifas

Ari nu galibna istri zaman nifasna
Opat puluh poè sami jeung peutingna
Pang lobana zaman nifas ulah liwat
Gènap puluh poè najan henteu mapat
Lamun tina gènap puluh poè liwat 
Istihadoh ngarana gètih panyawat



Karya: Pangeresa Akang Iyon Sofyan
Pst : Al-falah kebon kalapa 




Seja ngamanfaatkeun anu tos dipasihkeun mugia aya kamanfaatan tur kabarokahan..Amiiin



No comments:

Post a Comment