Tuesday, October 13, 2020

Nadhoman sunda Bab Hed

Ari ngaran hed teh getih anu bijil
Tina tung-tung pianakan istri bijil
Terus bijilna lain sabab naon-naon
Panyakit mah eta teu disebut bolon

Ari umur istri nu sok bijil getih
Salapan tahun diwatesan ku fiqh
Atawana kurang opat belas poe
Dihukuman ku ulama fiqh haid bae

Ngan mun tina opat belas poe kurang
Eta getih lain hed tapi kotoran
Ari pang saeutikna zaman bijil hed
Mayeng dina sapoe sapeuting jejeg

Ari kasebut mayeng mun ditotol
Ku kapas jeung bangsana baseuh katingal
Najan eta nu bijil teu rupa getih
Teu paduli asal baseuh najan putih

Lamun memeh sapoe sapeuting tuhur
Istihadoh ngarana tegesna udur
Ibadahna mun kitu teu meunang èlat
Sabab sanes hed tapi eta panyawat

Jeung teu haram migawe sagala-gala
Nu geus haram kanu hed ceuk hukum syara
Ari anu galibna jaman bijil hed
Gènap poe atawa tujuh teu jejeg

Ari mangsa palangan nu panglobana
Lima belas poè teu aya langkungna
Darah nu zaman limalas poe tadi
Kudu dijumlahkeun bari ditaliti

Nu meunang ngumpulkeun tea lamun kurang
Tina pang saeutikna zaman palangan
Teu disebut getih hed tapi etamah
Getih sakit nu katelah istihadoh

Ibadahna nu tinggal jero keur kitu
Eta kade kèdah reken buru-buru
Mun teu solat dina sajero keur kitu
Wajib bae di qodoan buru-buru

Lamun sulaya adat tina aturan
Saperti kurang sapoè sapeutingan
Atanpi langkung lima belas dinten
Tinggal ibadahna henteu dihapuntèn

Ari nu pang saeutikna zaman suci
Antara hed reujeung hed datangna suci
Lima belas poè lima belas peuting
Sabab ngitung kana hedna anu sumping

Lobana zaman suci taya watesna
Sabab aya istri suci saumurna
Ari saat anu ngahèlat dina zaman
Antara hed reujeung hed dua bagian

Kahiji qaol sahbi mah ngahukuman
Keur saat nu ngahèlat eta palangan
Syarat lamun nu ngahèlat tea
Masih dina zamana hed ngahèlatna

Tapi numutkeun pendapat qaol laqti
Keur saat nu ngahèlat hukumna suci
Dina nifas ge sami kitu hukumna
Nu dua qaol teh teu aya bedana

Iwal dina masalah tolaq jeung idah
Saat nu ngahèlat pada muafaqoh
Nyaeta nu dua qaol naretepkeun 
Saat nu ngahèlat hukumna palangan

Jadi ulah nganggap idah atos pegat
Ku tilu kali saat anu ngahèlat
Margi ma'na na tsalasatun quruin
Tilu sucian nalika na normal men


Karya: Pangeresa Akang Iyon Sofyan
Pst: Al-falah kebon kalapa




Seja ngamanfaatkeun anu tos dipasihkeun mugia aya manfaatna...amiiiin


No comments:

Post a Comment