Friday, October 16, 2020

Nadhoman sunda Bab mane (Nu nyegah kana ibadah mahdoh)

Ari ngaran mane tegesna halangan
Kana solat puasa eta ngahalang
Saperti hed nifas atwana edan
Atawa sakalor sareng pamurtadan

Mun nu bie datangna geus manjing waktu
Urang atur kahade bisi kaliru
Nyaeta mun datangna diwaktu duhur
Tacan kapigawe eta solat duhur

Wajib qodo solat duhur jeung asharna
Margi duhur jeung ashar kenging di jama
Atawa dina magrib datang halangan
Teu kaburu solat sabab kaburitan

Maka eta solat magrib jeung isyana
Wajib di qodoan sami dua nana
Tapi lamun datang mane waktu subuh
Teu kaburu solat dina eta subuh

Engke wajib qodona teh subuh ungkul
Sabab subuh kana jama hènteu qobul
Kitu deui mun datang hed waktu isya
Tacan solat sabab teu kaburu tea

Atawa datang mane teh waktu ashar
Qodoana ungkul isya atawa ashar
Tapi lamun leungit mane ashar akhir
Misalna ngan cukup ukur pikeun takbir

Atanapi leungitna di waktu isya
Akhir pisan hingga solat hente bisa
Eta wajib qodo ashar jeung duhurna
Kitu deui qodo ashar jeung magribna

Ngan lamun magrib mane leungitna
Atawana dina duhur tos teu aya
Teu kaburu solat dina eta waktu
Magrib duhur wajib di qodoanana




Karya:Pangeresa akang Iyon Sofyan
Pst: Al-falah kebon kalapa



Seja ngamanfaatkeun anu tos dipasihkeun mugia aya kamanfaatan tur kabarokahan khusus kange abdi umum kange anu maca...Amiiiin



Kalau ada yang salah mohon dikomentar ya🤗🤗
Entar mimin akan edit ulang

No comments:

Post a Comment